WELCOME

selamat datang

Rabu, 30 November 2011

KUNINGAN TANDANG MAJU TANDING






Adante 
Birama 4/4  
Fm

Cipt. Chon Hs, S.Pd.
Arr. Drs. Cecep A.

Kuningan kiwari hangkeut ngawangun
Mupul daya mancegkeun tatapakan
Butbat jalan gedong sigrong
Seja tandang maju tanding

Kuningan niat singkil babarengan
Padungdung di medan winangun
Bajuang ningkatkeun karaharjan
Ngariksa hasil mungkaskeun udagan

Tekad anu jadi dadasar
Mimitran jadi visi utama
Pangwangunan na sagala widang
Sangkan rahayat ajeg mandiri

Hayu tandang teuneung ludeung
Rampak bareng maju rambatirata
Sumanget juang jadi pakarang
Mapag mangsa kerta raharja

Raharja